Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf N

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf N


Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf N


Naheun bubu pahareup-hareup.
Hartina : Pahutang-hutang, si A boga hutang ka si B jeung si B ogé boga hutang kasi A.

Naheun bubu pahareup-hareup.
Hartina : Dina aya pangabutuh, silih injeuman duit.

Nanggung bugang.
Hartina : Kapapaténan ku dulur sakoloteun atawa sangoraeun.

Nangkeup mawa eunyeuh.
Hartina : Mawa cilaka ka jelema anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.

Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman.
Hartina : Ngariung, rarageman ngabadamikeun hiji perkara.

Nepak cai malar cérét.
Hartina : Ngomongkeun jeung ngagogoréng ka batur, supaya batur téh ragrag ngaranna jeung kawentar kagorénganana. Nu dipalar, supaya ngan urang wungkulanu dipikaresep ku sobat jeung nu pangseubeuhna ngahakan pakayana.

Nepak cai, malar cérét.
Hartina : Ngihtiaran supaya rasiah nu aya di batur, dicaritakeun ka urang.

Népakeun jurig pateuh.
Hartina : Puguh urang anu goréng, tapi kagoréngan urang téh ditamplokkeun kabatur sangkan urang sorangan salamet.

Nepi ka pakotrek iteuk.
Hartina : Ngeunaan ka nu laki-rabi, ngajodo nepi ka kolot pisan.

Nété porot, ngeumbing lésot.
Hartina : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa-rupa akal-tarékah, tapi teu hasilbaé.

Nété semplék, nincak semplak.
Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah nambahandeuih.

Nété sémplék, nincak semplak.
Hartina : Kieu salah, kitu salah, taya hiji pausahaan anu ngahasilkeun, taya hiji kalakuan anu nguntungkeun.

Nété tarajé, nincak hambalan.
Hartina : Kudu merenah. Lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus, beuki ditu, beuki ka nu leuwih luhur pangkatna.

Neukteuk curuk dina pingping.
Hartina : Ngadakwakeun nu lian, tapi anu ngadakwakeunana milu susah sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun, peunggas harupateun.
Hartina : Heuras haténa, teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.

Neundeun haté.
Hartina : Boga kahayang nu dirasiahkeun.

Neundeun piheuleut, nunda picela.
Hartina : Néangan pilantaraneun supaya jadi goréng; supaya temahna papisah, teu ngahiji deui.

Ngabéjaan bulu tuur.
Hartina : Ngabéjaan ka nu geus nyahoeun.

Ngabudi ucing.
Hartina : Teu wani nimbongkeun atawa ngedalkeun kahayang, atawa kadeudeuh.

Ngabuntut bangkong
Hartina : 
- Ku lantaran teu nyaho bener kana perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana.
 -teu sanggup migawé hiji pagawéan nepi ka anggeusna

Ngaburuy.
Hartina : Nyaneut wungkul, teu aya lalawuhna: inumeunana aya, tapi ari dahareunana mah teu aya.

Ngacak ngebur.
Hartina :  Rek maké naon baé ogé bisa, da geus aya jeung geus sadia.

Ngadagoan kuah beukah.
Hartina : Ngadagoan pasésaan kadaharan. leu ngan wungkul ngeunaan tukang babantu di imah batur baé, anu saenyana mah ayana tukang babantu téh henteu perlu.

Ngadagoan uncal mapal.
Hartina : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki, tapi sungkan ihtiar pikeu nngadatangkeun atawa ngahasilkeun rejeki anu didago-dago téa.

Ngadaweung ngabangbang areuy.
Hartina : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.

Ngadek sacékna, nilas saplasna.
Hartina : Ngomongna henteu diréka-réka, satarabasna baé, euweuh anu dipaké sumput-salindung.

Ngadék sacékna, nilas saplasna.
Hartina : Ngomong (nyarita) anu teu dileuwihan atawa dikurangan.

Ngadeupaan lincar.
Hartina : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku nu boga imah jeung diajak dahar.

Ngadu angklung di pasar.
Hartina : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa'atna di hareupeun jalma loba.

Ngadu-ngadu rajawisuna.
Hartina : Mawakeun omongan si A ka si B, ogé carita si B dipupulihkeun ka si A.Temahna si Ajeung si B téh paraséa, paréa-réa beunang jeung paréa-réa omong.

Ngagandong kéjo, susah nyatu.
Hartina : Loba ari titaheun mah, boh anak boh bujang, ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah téh.

Ngagedag bari mulungan.
Hartina : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho. tapi embung kanyahoan yén tacan nyaho. Ku lantaran kitu, api-api geus nyaho.

Ngagulkeun payung butut.
Hartina : Ngagulkeun luluhur sorangan.

Ngahihileudan
Hartina : Ngahalangan jadina hiji perkara, upamana jual-beuli, kawin jeung loba-loba deui, ku ngagogoréng, mitenah nu lain-lain sangkan ulah jadi.

Ngahurun balung ku tulang.
Hartina : Diuk bari nangkeup tuur ku lantaran keur prihatin, upamana : keur teuboga gawé, euweuh duit, euweuh dahareun jeung euweuh pakéeun.

Ngajul bulan ku asiwung = Mesék kalapa ku jara.
Hartina : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.

Ngalebur tapak.
Hartina : Miceun jeung ninggalkeun kalakuan nu goréng sarta saterusna milampahanu hadé baé.

Ngalebur tapak.
Hartina : Boga ngaran anu goréng ku lantaran keur ngora goréng laku-lampahna. Pikeun ngalebur dosa jeung ngoméan ngaran nu geus goréng téa, ka kolotnakeun jadi bageur: hadé laku-lampahna.

Ngalétak ciduh.
Hartina : Narik atawa ngabatalkeun.

Ngaliarkeun taleus ateul.
Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka saréréa.

Ngaliarkeun taleus ateul.
Hartina : Ngabéja-béjakeun kagoréngan atawa kajahatan anu lian.

Ngandung haté.
Hartina : Aya kanyeri ti batur, tapi teu ditémbongkeun. Balukarna rasa teu ngeunahtéh aya baé, teu Ieungit-leungit.

Ngarancabang pikir.
Hartina : Loba teuing kahayang; henteu nyanghareupan kahayang sarupa baé.

Ngarangkaskeun dungus.
Hartina : Ari hayangna jeung bogohna mah geus ti baréto, ti keur ngora kénéhngan boh lalaki boh awéwé, kaselang heula ku kawin ka nu séjén. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo.

Ngarangkay koja.
Hartina : Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.

Ngarawu ku siku.
Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku lantaran hayang meunang kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieuteu kacabak, itu teu kapigawé.

Ngarep-ngarep béntang ragrag.
Hartina : Ngarep-ngarep anu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.

Ngarep-ngarep kalangkang heulang.
Hartina : Ngarep-ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung susah pihasileunana.

Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam.
Hartina : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun. sabab hayang dipuji. tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya.

Ngebutkeun totopong.
Hartina : Ngabijilkeun sakabéh élmu nu aya di urang.

Ngégél curuk.
Hartina : Lapur teu meunang hasil naon-naon.

Ngégél curuk.
Hartina:
I. Teu meunang naon-naon atawa teu kabagian naon-naon.
ll. Teu hasil maksud.

Ngembang boléd.
Hartina : Tétéla.

Ngembang kadu.
Hartina : Olohok.

Ngéplékjawér, ngandarjangjang, miyuni hayam kabiri.
Hartina : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.

Ngeupeul ngahuapan manéh.
Hartina : Lungas-lengis pikawelas, mikaasih ka diri sorangan; nu dipalar supaya batur welaseun, asiheun jeung nulungan ka diri urang.

Ngeureut miceun.
Hartina : Nyésakeun rejeki.

Ngijing sila, béngkok sembah.
Hartina : Goréng haté, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan

Ngobah-ngobah macan turu, ngusik-ngusik ula mandi.
Hartina : Ngaganggu atawa nyusahkeun ka gegedén; temahna matak cilaka atawa susah ka diri sorangan.

Ngodok liang buntu.
Hartina : Hésé capé taya gawé, susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.

Ngodok liang jero.
Hartina : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, ka ditu ka dieu luput baé.

Ngukur ka kujur, nimbang ka awak.
Hartina : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, hakan, paké, j.s.t. disaluyukeun jeung pangala.

Ngukut kuda kuru, ari geus gedé sok nyépak.
Hartina : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susah dahar susah maké,tapi ari geus mulia, awak lintuh jeung paké hadé, ngalawan ka nu jadi dunungan.

Ngusap birit, bari indit.
Hartina : Ku lantaran ambek nyedek atawa éra parada, leos baé indit, teu amit heula ka nu araya di dinya.

Nilik bari ngeusi.
Hartina : Babanda ngumpulkeun parabot imah, henteu disakalikeun, tapi ditungtut,saeutik-saeutik, lila-Iila ogé loba.

Nimu luang tina burang.
Hartina : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
.
Nincak parahu dua.
Hartina : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

Ninggang kekecrak.
Hartina : Keur mah goréng rupana, goréng laku lampahna deuih.

Nini-nini dikeningan = Ewé randa dihiasan.
Hartina : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak, nu ngan kari sabroeunbaé.

Nista, maja, utama.
Hartina : Ngeunaan naon baé ogé, boh kahadéan, boh kagoréngan, kakara disebututama, lamun geus tilu kali ngalampahkeunana. Sasarina Nista, maja, utama teh dilisankeun ka jelema anu geus tilu kali ngajalankeun kajahatan, kalawan ngandung maksud : Entong dihampura, sabab geus cukup kagorénganana.

Noong ka kolong.
Hartina : Leutik haté, leutik pangharepan.

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha.
Hartina : Nu hadé jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan anu goréng.

Nu borok dirorojok = Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana; nu keur nyeri ditambah kanyerianana.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah deui kasusahanana.

Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan.
Hartina: Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.

Nu édan dikendangan, nu burung diangklungan.
Hartina : Ngahaminan carita tukang wadul.

Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang.
Hartina : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulia.

Nu temen tinemenan.
Hartina : Nu enya-enya usahana pikeun ngahontal kahayangna, bisa tinekanan maksudna.

Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok.
Hartina : Nu keur nandangan Iara jeung susah, heug ditambahan kanyenyerianana deuih.

Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri, beuki dinyenyeri,nu keur cilaka, beuki dicilakakeun.

Nuju hurup ninggang wirahma.
Hartina : Ngeunaan ka nu ngaji, laguna alus, ngecapkeunana bener jeung panjang pondokna merenah.

Nulungan anjing kadempét.
Hartina : Nulungan jalma nu teu boga pisan rasa tumarima.

Nulungan anjing tiselap.
Hartina : Nulungan jelema anu teu aya panarimana.

Nunggul pinang.
Hartina : Nunggelis (nyorangan): geus teu indung teu bapa, teu baraya-baraya acan.Sasarina ngeunaan ka budak atawa ka jelema anu ngora keneh, tara ngeunaan aki-aki atawa nini-nini.

Nurub cupu.
Hartina : Repok anu alus pisan, lalakina kasép, awéwéna geulis, lalakina bageur, awéwéna satia jst.

Nutup lobang, gali lobang.
Hartina : Teu aya eureunna boga hutang, sabab lamun geus lunas hutang nu heubeul, tuluy nyieun deui hutang anu anyar, kitu baé saterusna.

Nuturkeun indung suku.
Hartina : Leumpang sakaparan-paran.

Nya di hurang, nya di keuyeup.
Hartina : Di unggal jelema ogé, nya kitu baé, taya bédana, sarua. Mungguhing wiwirang atawa kateungeunahan haté mah, boh di ménak boh di somah, sarua baéteu aya bédana saeutik-eutik acan.

Nya ngagogog nya mantog.
Hartina : Nya nitah ka batur, nya prak ku manéh.

Nya picung nya hulu maung.
Hartina : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos; pananya jeung jawab téh pasalia, henteu nyambung.

Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah.
Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu geus beunghar.

Nyair hurang meunang kancra.
Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa bagja anu leutik,manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.

Nyaliksik ka buuk leutik.
Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.

Nyalindung di caangna.
Hartina : Ngahaja meres rahayat supaya meunang kauntungan anu leuwih gedé kujalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.

Nyalindung ka gelung.
Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup senang,teu karana hésé jeung capé.

Nyalindung ka gelung.
Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.

Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang.
Hartina : Sumerah, masrahkeun diri, rék dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya baé, tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Nyanghulu ka jarian.
Hartina : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.

Nyeri beuheung sosonggéteun.
Hartina : Pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep-arepna henteu jol baé datang.

Nyeungeut damar di suhunan.
Hartina : Ku lantaran pupujieun, ari ka deungeun mah daréhdéh jeung mérémawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung korét deuih.

Nyeungeut damar di suhunan.
Hartina : 
. Mintonkeun kakayaan. 
. Barangbéré supaya dipuji.

Nyeungseurikeun upih ragrag.
Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.

Nyiar batuk piaraheun.
Hartina : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.

Nyicikeun cai, murulukkeun lebu.
Hartina : Turun cadu (Cacaduan). Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.

Nyiduh ka langit.
Hartina : Mapatahan ka nu saluhureun umurna, pangkatna atawa kanyahona.

Nyieun catur taya dapur.
Hartina: Nganggit hiji dongéng anu henteu puguh galurna

Nyieun heuleur jeroeun huma.
Hartina : Henteu raket jeung dulur, paharé-haré baé.

Nyieun poé bungsuna.
Hartina : Nyieun poé panungtungan; ka hareup mah embung wawuh atawa ngahiji deui.

Nyieun pucuk ti girang.
Hartina : Néangan pilantaraneun paséa. parebut bener.

Nyieun pucuk ti girang.
Hartina : Pangheulana néangan pibatureun paséa atawa gujrud.

Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait.
Hartina : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.

Nyiuk cai ku ayakan.
Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.

Nyium bari ngégél.
Hartina .
I. Omonganana mah hadé, ngan hatéjeung maksudna goréng.
ll. Salakina dipisobat, ari pamajikanana dibogohan atawa sabalikna : Pamajikanna dipisobat, ari salakina dibogohan.

Nyokor = Néngtérégé = Ningnang.
Hartina : Make pakéan naon ogé teu pantes baé.

Nyokot lésot, ngeumbing porot.
Hartina : Taya usaha anu ngahasilkeun.

Nyolok mata buncelik.
Hartina : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa laku-lampah goréng dihareupeunana.

Nyolok mata buncelik.
Hartina : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

Nyolong badé.
Hartina : Sulaya tina taksiran. Disangka goréng, saenyana hadé atawa sabalikna. Disangka bodo, saenyana pinter atawa sabalikna jst.

Nyoo gado.
Hartina : Ngamaénkeun jelema anu kudu dihormat, boh sakoloteun, boh saluhureun.

Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél.
Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.

Nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju).
Hartina : Ménta pangampura jeung ménta timbangan, da puguh geus rumasa arisalah jeung dosa mah.

Nyukcruk walungan, mapay-mapay wahangan.
Hartina : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur; imeut pisan ti bapa ka aki jeung saterusna.

Posting Komentar untuk "Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf N"