Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

200 Babasan dan Paribasa Sunda Beserta Artinya

200 Babasan dan Paribasa Sunda Beserta Artinya


Babasan sareng paribasa sunda teh mangrupi buktos kabeungharan kecap basa sunda. Dina ungkara basa anu saeutik patri, tur umumna murwakanti, tiasa kagambar angen-angen, adat cahara, sareng palasipah urang sunda enggoning hirup kumbuh“, demikian dikatakan Adang S, Pupuhu Caraka Sundanologi dalam pengantar Buku 1000 Babasan Jeung Paribasa Sunda, Cetakan Pustaka Setia, yang disusun oleh Drs. Budi Rahayu Tamsah, Drs. Dadan Djuanda dan Dra. Tati Purmawati.

Dijelaskan bahwa babasan dan peribahasa sunda adalah merupakan bukti kekayaan Bahasa Sunda yang merupakan susunan kata yang sudah merupakan satu kesatuan, dan mengandung arti bukan kata-perkata. Babasan, kalau dalam Bahasa Inggris disebut “idiom”.

Jadi babasan dan paribasa sunda, gabungan kata yang sudah baku, sudah sesuai pakem, dibangun dari beberapa kata yang mengandung arti tertentu bukan arti kata perkata namun mengandung arti tertentu.
Bedanya, babasan dan paribasa adalah kalau babasan, ucapan baku yang tersusun biasanya gabungan hanya dua kata saja, misal :
  • gede hulu ( besar kepala, artinya : sombong, bukan : kepalanya ukurannya besar)
  • panjang leungeun (panjang tangan artinya suka mencuri, bukan : tangannya panjang ukurannya)
  • heurin ku letah (sempit lidah artinya berat mengucapkannya)
  • dll
Sedangkan “paribasa” adalah berupa rangkaian kata baku yang membentuk sebuah kalimat/ ucapan yang biasanya merupakan perlambang lakon kehidupan. Misal : 
  • Adat kakurung ku iga, 
  • Mihape hayam ka heulang, 
  • kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran, 
  • cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, 
  • cul dogdog tinggal igel, 
  • dll.
Baik babasan maupun paribasa merupakan bahasa pakeman (sudah baku) yang merupakan satu kesatuan, yang artinya akan berubah bila diubah baik susunan maupun pengucapannya. Bilamana ditambah atau dikurangi atau diganti dengan bahasa sunda halus/ sunda lemes, sifat dan artinya jadi berubah dan akan terdengar aneh pula.
Misal : babasan “gede hulu” bila di ucapkan/ditulis dengan bahasa sunda halus/lemes jadi “ageung mastaka”, ini akan terdengar aneh dan artinya tentu jadi berubah. Begitu pula bila di gabung dengan tambahan misal : ngagedean huluna, akan merubah artinya.

Berikut ini sebagian “Babasa Jeung Paribasa Sunda” yang umum dipakai dalam percakapan di kehidupan sehari-hari Orang Sunda :
  • Atah anjang = langka silih anjangan
  • Adigung adiguna = takabur, sombong
  • Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
  • Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
  • Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
  • Alak paul = jauh pisan
  • Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
  • Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
  • Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
  • Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
  • Amis budi = hade paroman
  • Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
  • Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
  • Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
  • Amis daging = babari katerap panyakit
  • Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pakinyarieun batur
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
  • Agul ku payung butut = agul ku turunan
  • Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
  • Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
  • Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
  • Birit aseupan = teu daek cicing
  • Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
  • Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
  • Beurat birit = hese dititah
  • Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
  • Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
  • Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
  • Bilatung ninggang dage = bungah pisan
  • Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
  • Badak cihea = degig
  • Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
  • Babalik pikir = insap
  • Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
  • Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
  • Buntut kasiran = medit
  • Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
  • Bodo kawas kebo = bodo kacida
  • Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
  • Bancang pakewuh = pikasusaheun
  • Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
  • Bulu kapaut = kabawa ku batur
  • Balabar kawat = beja nu sumebar
  • Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
  • Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
  • Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
  • Cueut ka hareup = tereh maot
  • Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
  • Disakompet daunkeun = disamarutkeun
  • Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
  • dogdog pangrewong = acara panambah
  • Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
  • Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
  • Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
  • Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
  • Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
  • Gantung denge = masih dedengeeun
  • Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
  • Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
  • Garo mengmengan = taya kasabaran
  • Galegeh gado = sagala dicaritakeun
  • Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
  • Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
  • Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
  • Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
  • Getas harupateun = gancang napsu
  • Gindi pikir belang bayah = goreng hate
  • Hampang birit = daekan kana gawe
  • Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
  • Heuras genggerong = omonganana sugal
  • Hade gogog hade tagog = jalma sopan
  • Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
  • Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
  • Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
  • Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
  • Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
  • Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
  • Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
  • Heureut pakeun = kurang kaboga
  • Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
  • Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
  • Inggis batan maut hinis = paur pisan
  • Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
  • Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
  • Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
  • Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
  • Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
  • Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
  • Kurung batok = tara indit-inditan jauh
  • Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
  • Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
  • Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
  • Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
  • Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
  • Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
  • Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
  • Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
  • Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
  • Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
  • Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
  • Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
  • Kawas gaang katincak = jempe
  • Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
  • Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
  • Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
  • Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
  • Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
  • Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
  • Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
  • Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
  • Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
  • Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
  • Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
  • Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
  • Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh
  • Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
  • Kawas leungeun palid = uyup-ayap teu daek cicing
  • Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
  • Kawas merak = beuki kana cengek
  • Kawas cucurut kaibuan = goreng patut pisan, kulimis
  • Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan
  • Leuleus awak = daekan
  • Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
  • Laer gado = tara daek repeh; resepna barangpenta ; kabitaan
  • Leutik-leutik ngagalitik = awakna leutik tapi gede kawani
  • Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
  • Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa
  • Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh
  • Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
  • Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
  • Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/ saeutik
  • Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
  • Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede
  • Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
  • Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho
  • Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
  • Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
  • Miyuni kembang = loba nu mikaresep
  • Miyuni tai = loba nu mikangewa
  • Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur
  • Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
  • Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
  • Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
  • Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
  • Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun
  • Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
  • Nu asih dipulang sangit = kahadean dibales ku kagorengan
  • Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap
  • Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae
  • Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
  • Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
  • Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
  • Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji
  • Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikannana teu dipirosea
  • Ngeplek jawer = taya wawanen
  • Ngadaun ngora = jadi rame
  • Nyoo gado = ngunghak
  • Nyalindung ka gelung = nu teu boga, kawin ka awewe beunghar
  • Ngadu geulis = paalus-alus
  • Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
  • Neundeun piheuleut = ngajak goreng
  • Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa, nya goreng lampah
  • Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
  • Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari ka batur bageur, ari ka dulur medit
  • Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
  • Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ; ngareup-ngareup pamere
  • Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
  • Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
  • Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan
  • Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
  • Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
  • Ngageuingkeun macan turu = ngahudang piambekeun batur
  • Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
  • Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyamperkeun pibahayaeun
  • Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
  • Panjang leungeun = daek puak-paok
  • Panjang lengkah = jauh panyabaanana ; loba pangalamanana
  • Pindah pileumpangan = robah adat
  • Paeh teu hos, hirup teu neut = gering ngalanglayung
  • Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
  • Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
  • Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe
  • Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
  • Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
  • Rea ketan rea keton = taya kakurang
  • Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
  • Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapannana tara nyalahan
  • Sisit kadal = goreng milik
  • Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
  • Saur manuk = ngajawab bareng
  • Sieun meubeut meulit = sieun kabawa
  • Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
  • Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
  • Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan
  • Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
  • Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
  • Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
  • Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur
  • Wawuh munding = wawuh ngan saliwat
Itulah beberapa babasan dan paribasa sunda beserta artinya. Bila ada kesalahan penulisan dikoreksi ya, karena beda penulisan, akan berbeda arti.


Buka juga :

Posting Komentar untuk "200 Babasan dan Paribasa Sunda Beserta Artinya"