Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Kamus Sunda Sederhana

Kamus Sunda Sederhana


Paririmbon tina kecap rimbu. 
  • Rimbu (basa Kawi) = Simpen.
  • Paririmbon = Buku sisimpenan = Buku anu ngandung elmu nu jarero.
  • Urang Sunda pituin = Urang Sunda asli = Urang Sunda tulén.
  • Pepeling = Papatah.
  • Gumelar = Lahir ka dunya. Satungtung = Salilana.
  • Ihtiar = Usaha.
  • Nungtut elmu = Ngumpulkeun pangarti = Ngumpulkeun pangaweruh.
  • Nyiar dunya = Neangan rejeki = Nyiar kipayah = Neangan kahirupan.
  • Malahmandar = Susuganan = Sugan pareng.
  • Bubuka = Pangangkat carita.
  • Ngumbara = Cicing di lembur batur.
  • Nusantara = Indonésia.
  • Ngitung lembur = Nyaba ka mana-mana.
  • Ngajajah milangan kori = Nyaba ka mana-mana.
  • Ngajajah = Ngider nganyahokeun tempat-tempat.
  • Kori = Lawang kori = Panto (babakuna panto anu peundeutna dua).
  • Ngemban timbalan = Ngajalankeun paréntah.
  • Ibu Pertiwi = Lemah cai.
  • Kénging lara = Kénging kanyerian, atanapi udur.
  • Tunggara = Kasusah.
  • Kuciwa = Kateungeunah haté.
  • Dadak sakala = Harita kénéh.
  • Mitra = Sobat.
  • Sunda ngumbara = Urang Sunda nu matuh di lembur batur.
  • Ngalalana = Nyaba kalunta-lunta (kateterusan) henteu puguh nu dijugjug, henteu terang nu ditéang, henteu nyata nu diseja.
  • Kapihatur = Kapiunjuk.
  • Sebrang = Peuntas.
  • Cicirén tina ciri. Ciri = Tanda.
  • Tri = Tilu. Murti = Badan. Trimurti = Tilu badan (perkara) anu ngahiji.
  • Sajati = Tulén = Asli = Henteu palsu.
  • Lenyepan = Hartikeun atawa rasakeun enya-enya. Lemesna : Hartoskeun atanapi raoskeun yaktos-yaktos.
  • Supados lemesna tina : supaya.
  • Émutan lemesna tina : ingetan.
  • Utama = Euweuh cawadeunana.
  • Hancaeun = Garapeun.
  • Pulasara = Urus samistina.
  • Pusaka = Titinggal karuhun.
  • Pitutur = Pepeling.
  • Kakantun lemesna tina : titinggal.

Para karuhun = Para luluhur anu geus maraot, geus areuweuh (taya) di kieuna.
  • Paré nyeuweu = Paré ngadapur, loba anakna.
  • Awi nyeuweu = Awi ngadapur, loba anakna.
  • Ngaran sabagian tina bubu, gawéna pikeun nahan lauk anu geus asup kana jero bubu supaya henteu kaluar deui.
  • Siwi = Anak; sok dipake oge pikeun sesebutan, ka putra raja anu pameget. Siwi teh basa Kawi. Seuweu-siwi Pajajaran = Turunan Pajajaran. Nu dimaksud : urang Sunda
  • Seuweu-siwi = Turunan = Jalma-jalma. Nini-aki = Luluhur.
Basa Sangsekerta atawa Sangsakerta = Basa kuna di tanah Hindu. Dina agama Brahma nu dipakéna basa Sangsekerta. Di Indonésia loba kénéh kecap-kecap Sangsekerta; ayana dina ngaran jelema-jelema atawa kota-kota. Contona :

Ngeunaan ngaran jelema-jelema:
  • Nataprawira. Nata = Ratu = Raja. Prawira = Kendel, teteg haté.
  • Gandakusuma. Ganda = Seungit. Kusuma = Kusumah = Kembang.
  • Wijayakusuma = Kembang kajayaan.
  • Kartasasmita. Karta atawa Kerta = Aman. Sasmita = Misil atawa perlambang. 
Dina basa Walanda:
  • Surawijaya. Sura = Déwa. Wijaya = Kaunggulan = Kajayaan.
  • Somawisésa. Soma = Bulan. Wisésa = Maha kawasa.
  • Wirasumantri. Wira = Lalaki atawa prajurit atawa kekentong. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Mantri = Ponggawa = Pagawé Nagara.
  • Gandasudirja. Ganda = Seungit. Su = Hadé atawa alus (basa Kawi). Di pondokna tina Hadi = Hade atawa alus (basa Kawi). Reja = Raharja (Harja) dina basa Sunda, hartina : Ma’mur, teu kurang sandang pangan.
  • Jayadisastra. Jaya = Unggul. Di tina Hadi = Hadé atawa alus (basa Kawi). Sastra = Tulisan.
  • Wiriasaputra. Wiria = Wira = Lalaki atawa prajurit atawa keken­tong. Sa = Hiji. Putra = Anak lalaki.
Ngeunaan kota-kota :
  • lndragiri. Indra = Déwa. Giri = Gunung.
  • Purwakarta. Purwa = I. Wétan jeung II. Mimiti, Karta = Kerta = Aman. Dina basa Jawa: Purwokerto.
  • Sidareja. Sida = Tulus. Reja = Ma'mur. Dina basa Jawa : Sidorejo.
  • Singapura. Singa = Singa. Pura = Karaton.
  • Surabaya. Sura = Déwa = Wani. Baya = Bahya = Bahaya. Dina basa Jawa : Suroboyo.
  • Kawi (basa Sangsakerta) = Bujangga.
· Basa Kawi = Kecap-kecap nu baheula nu sok dipaké ku para bujangga.

Contona:
  • Nétra = Panon.
  • Kerta = Karta = Aman.
  • Su = Hadé atawa alus.
  • Hadi = Di = Hadé atawa alus.
  • Lalis = Paéh.
  • Niskara = Kabéh.
  • Marcapada = Bumi.
  • Panji = Bandéra.
  • Daya = Kakuatan atawa hojah.

Posting Komentar untuk "Kamus Sunda Sederhana"