Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Umur


_Umur di siksik ku detik.._
_Di ciwit ku menit.._
_Di cacag ku jam.._
_Di purutulan ku bulan.._
_Di bubuy ku tahun.._

_Muterna waktu ti minggu ka minggu.._
_mapay2 bulan naekkan tahun._

_Teu karasa loba dosa nu di pilampah.._
_Loba ibadah nu can merenah.._
_Loba larangan pangeran nu karandapan.._
_Loba waktu nu kapiceun.._
_Loba kasibukan nu matak mapalerkeun.._
_Loba pikiran nu matak mopohokeun._

_Timana nya urang kawit jeung kamana nya urang rek balik._
_Umur syareatna nambahan tapi hakekat ngurangan.._
_Beuki kadieu urang teh beuki deukeut jeung lawang panto maot._

_Siapkeun diri ku iman jeung taqwa.._
_Siapkeun bekelna ku amal sholeh.._
_Siapkeun hate nu bersih ku loba istigfar.. ka Dzat nu Maha Heman
_Tobat ka Allah nu geus mere nikmat,_
_sangkan salamet dunya akherat._


Wilujeng mapag Sasih Shaum mugia urang sadaya diparin kakiatan, kasehatan tur di wuwuh ku rizkina anu Berkah,  Bisi aya janji nu jalir, cariosan nu matak raheut kana manah, tingkah laku nu teu sae urang silih ngahapunten, urang mapag sasih nu penuh rahmat ieu dina ka ayaan bersih ti sagala rupina, hapunten kana sagala kalepatan Aamiin


Buka oge :

Posting Komentar untuk "Umur"