Warta Pikabungaheun
Warta Pikabungaheun |
Aya warta matak bungah,
keur jalma anu sumerah,
nu resep amal ibadah,
nu ngomean lampah salah.
Ka jalma nu laku hade,
rek lalaki rek awewe,
Alloh moal hare-hare,
Matuhna ge di sawarga,
sawarga endah kacida,
langgeng matuhna di dinya,
nampi kurnia Mantenna.
Linggih di Janatunna’im,
patempatan anu mu’min,
sawargana kanimatan,
di dunya taya bandingan.
Posting Komentar untuk "Warta Pikabungaheun"