Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Siloka Elmu Ki Sunda

Siloka Elmu Ki Sunda


Siloka Elmu Ki Sunda


​Kintunan ti karuhun hidep, kanggo anaking jimat awaking​ 

Omat anaking,
​kudu bisa naekan jeung nerapkeun 5 elmu ki Sunda ieu​:

ka 1. Elmu Saepi
ka 2. Elmu Napak sancang
ka 3. Elmu kebal 
ka 4. Elmu Rawa Rontek
ka 5. Elmu Halimun

Elmu saepi lain kudu bisa ngapung,​
Tapi kudu saepi (Sae pikiran), cerdas, inovatip tur kreatip.

Elmu Napak Sancang​
lain kudu bisa napak/lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak dina sagala kaayaan, boga sipat jeung watak  nu katarima ku sakabeh madzhab/golongan,teu merekedeweng ( etika bergaul/akhlakul karimah)

Elmu kebal dikadek​
lain kudu teu teurak dikadek ku bedog atawa di tembak ku bedil, tapi kudu kuat pamadegan, kudu boga pendirian sorangan... teu teurak ku pangaruh jeung pangharewos setan... (istiqomah).

Elmu Rawa Rontek..​ 
lain kudu bisa nyambungkeun deui raga nu geus parotong, tapi kudu bisa ngahijikeun dulur-dulur anu keur pacengkadan, paketrok/parasea, kudu bisa nengtremkeun jalma nu kajurung napsu atawa ngarangkul anu beda-beda  pamadegan.

Elmu Halimunan​
Lain kudu bisa ngaleungit,  tapi kudu bisa nyumput dinu caang, bijil dinu poek, hartina ulah ujub, ria jeung takabur. Asa aing pang akangna, siga nu heueuh, peupeuleukeuk asa aing nu pangwanina.

​Mugia dulur sadaya....  urang tiasa ngalaksanakeunnana dina kahirupan sapopoe​

Akur... guyub...  jeung dulur jeung batur, daria...  jeung baraya,  silih gumati... jeung wargi, sariksa.. jeung tatangga. Ulah sok pundungan jeung teu kaopan. Tetep renggenek hirup sauyunan jeung babaturan. Ulah sok asa bener sorangan.
Taaaah.... kakara napel anu disebut Rahmatan Lil ‘Alamiiin. 
Mangga...ieu lain SUNDA WIWITAN, tapi SUNDA KANYATAAN luyu jeung jaman. Nu dituju iwal ti RIDHO nu MAHA KAWASA, ALLOH SUBHANAHU WATA’ALA. 
Peupeujeuh ka hidep, anaking kahade ... akidah kudu ajeg panceg istiqomah. Ibadah kudu angger, pangger jeung bener kalayan mudawwamah luyu jeung sunnah Rasulullah. Hirup kumbuh kudu akur jeung batur, ulah pakia- kia, pagirang-girang tampian. Sili asih, sili asah jeung sili asuh......

​CAGEUR BAGEUR, GENAH TUR MERENAH​
Mugi tiasa di hapunten nya, Kasanggakeun kanggo anu ngartos wae ieu mah ulah janten bendu ka sim kuring.

Posting Komentar untuk "Siloka Elmu Ki Sunda"