Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Paribasa jeung Babasan Sunda

Paribasa jeung Babasan Sunda


Paribasa jeung Babasan Sunda



Pribahasa sunda. Paribasa téh omongan anu geus tetep susunanana jeung ngandung harti; piluangeun tawa jadi pituah.Susunanana geus ditetepkeun ku nini-moyang. urang. Lamun ku urang dirobah éntép seureuhna, tanwandé hartina jadi camplang. Babasan téh disusun tina sababaraha kecap anu ngandung harti injeuman, harti anu teu sarua jeung harti sawajarna.

Contona:

1. Hampang birit.

2. Leutik burih.

3. Pait daging, pahang tulang jst.


Paribasa-paribasa nu ngandung harti ibarat :

1. Adéan ku kuda beureum.

2. Nulungan anjing kadempét.

3. Sakuru-kuru lembu, saregéng-regéng banténg jst.


Paribasa-paribasa nu ngawangun papatah

1. Ulah beunghar méméh boga!

2. Ulah tiis-tiis jahé!

3. Ulah muragkeun duwegan ti luhur jst.


Paribasa-paribasa nu ngandung maksud, supaya ulah nyeri teuing karasana ku batur

1. Ngadeupaan lincar.

2. Héjo tihang.

3. Teu hir, teu walahir, teu kakak, teu caladi, teu aro-aro acan jst.


Koleksi sunda ayeuna tos seueur dikantunkeun ku para penulis, mudah-mudahan ieu budaya henteu tumpur. 



Buka oge :

Posting Komentar untuk "Paribasa jeung Babasan Sunda"