Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Kakawihan Dina Kaulinan Barudak Sunda

Kakawihan Dina Kaulinan Barudak Sunda



Ambil-Ambilan

Ambil ambilan turuktuk hayum samanti

saha nu diambil
kami mah budak pahatu
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
purah tunggu balé gedé
nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé

aya ubarna urat gunting sampuragé
tiguling nyocolan dagé

(Dikawihkeun bari ngantay pacekel-cekel leungeun)


Eundeuk-Eundeukan

Eundeuk-eundeukan,
Cangkuang
Balé Bandung paséban
Parakanmuncung
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki.

(Dikawihkeun bari eundeuk-eundeukandina dahan anu laér)


Prangpring

Prangpring, prangpring
Salumpramg-salampring
Sabulu-bulu gading
Si Gading ka Sunda perang
Pur kuntul éngkang-éngkang
Munding ngabongkar kandang
Sulewek sadugel cindel
Heug, heug, caringin runtuh
Heug, heug, caringin runtuh
Dorokdok gubrug

(Dikawihkeun bari nepakan tuur budak anu disang-hunjarkeun)


Buka oge :

Posting Komentar untuk "Kakawihan Dina Kaulinan Barudak Sunda"