Matak Waas
Matak Waas |
Ya Alloh Nu Maha Akbar,
estu waas matak kelar,
ningal daratan nu ngampar,
ningal daratan nu ngampar,
alam dunya nu ngagelar.
Ret neuteup ka awang-awang,
megana pating kalayang,
langit teu aya tungtungna, endah temen kasawangna.
Ti siang ngempray caraang,
titingalan awas lenglang,
ti wengi bentang baranang,
ti wengi bentang baranang,
cahaya bulan gumiwang.
Teu lami hujan miripis,
ti langit hujan girimis, hujan rohmat ti Pangeran,
Mantenna Nu Maha Heman.
Tutuwuhan breng jaradi,
Tutuwuhan breng jaradi,
renung dina latar bumi,
sadaya eta rejeki,
sadaya eta rejeki,
paparin Ilahi Robbi.
Mekar sakur kekembangan,
leubeut sugri bungbuahan,
kukupu gegelebaran,
kukupu gegelebaran,
bangbara sareng nyiruan.
Mung ka Alloh nya sumembah,
kade ulah salah nyembah,
ulah rek nyembah berhala,
ulah rek nyembah berhala,
sabab eta teh doraka.
Posting Komentar untuk "Matak Waas"