Ulah Waswas Tong Hariwang | Puisi Sunda
Ulah Waswas Tong Hariwang |
Puisi bahasa sunda di handap ieu judulna "Ulah Was-was Tong Hariwang". Karya sastra ieu masihan pepeling pikeun nu maca yen dina hirup urang teu kedah sedih malah mandar dugi ka was-was jeung hariwang, saupami ngagaduhan iman anu kiat.
Ieu puisi bahasa Sunda judulna
ULAH WAS-WAS TONG HARIWANG,
Karya Aswan :
Anu hatena ngolembar, waswas hamham tara sabar,
caang pikir sagebrayan, gancang leumpang rurusuhan.
Reup deui poek meredong, utag-atog rarang-rorong,
jen ngajentul mandeg mayong, paningalna jadi lolong.
Lolong teh lolong batinna, torek teh torek rasana,
musna rasa manusana, nu kitu kapir ngaranna.
Nu matak ulah rek hamham, sabab matak ipis iman,
ulah waswas ragu-ragu, mandeg mayong mundur maju
Nah eta puisi Sunda singkat anu judulna Ulah Waswas Tong Hariwang .......Contoh Puisi Sunda anu sanesna aya dina koleksi situs anu nuju diaos ku baraya ieu.

Posting Komentar untuk "Ulah Waswas Tong Hariwang | Puisi Sunda"