Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Kempelan Paripaos Sunda

Kempelan Paripaos Sunda


Di handap ieu kempelan paripaos sunda anu tos disusun kalayan alpabetis: 

 A
  • Adam lali tapel : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga : Adat nu hese digantina.
  • Adean ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  • Adigung adiguna : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
  • Akal koja : Pinter dina kagorenganatawa kajahatan.
  • Aki aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
  • Aku aku angga : Nagku barnag baatur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan ataw kauntunga.
  • Aku panggung : darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  • Alak alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa Pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
  • Alak paul : Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  • Alus panggung : alus laur hade ome, Tegep dedeg pangadegna.
  • Ambek nyedek tanaga midek : Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
  • Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  • Anak merak kukuncungan : Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkrun ku kolotna.
  • Anak merak kukuncungan : Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
  • Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  • Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
  • Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu moal baka; kasorang.
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  • Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
  • Asa dijual payu : Ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  • Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
  • Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
  • Asa nyanghulu ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
  • Asa potong leungeun katuhu : Leungiteu jalma nu pohara hade gawena.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
  • Aub payung, sabet panon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
  • Aya astana sajeungkal : Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
  • Aya bagja teu daulat : Arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  • Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  • Aya jalan komo meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  • Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  • Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  • Aya Peurah : Aya komara, aya harega , aya pangaji.
  • Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

B
  • Baleg tampele : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
  • Bali geusan ngajadi : Tempat dilahirkeun.
  • Balung kulit kotok meuting : Teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
  • Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan : Beak karep ku rido jeung beresih hate.
  • Banda tatalang raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
  • Belang bayah gindi pikir : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  • Beurat birit : Hese jeung sungkan dititah.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
  • Beureum paneureuy : Seuseut batan neureuy keueus, Hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
  • Beuteung anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
  • Bilih aya tutus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
  • Bisa ka bula ka bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan
  • Bisa ka bula ka bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan
  • Biwir nyiru rombengeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  • Biwir nyiru rombengeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
  • Biwir nyiru rombengeun = Resep nyaritakeun cecek bocek anu saenyana kudu di rasiahkeun
  • Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah : Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
  • Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  • Bobo sapanon carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  • Bobo sapanon carang sapakan = Teu puguh undak usukna, teu puguh entep seureuhna
  • Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  • Bobor karahayuan = Katarajang apes atawa cilaka
  • Bobot pangayon timbang taraju = Pangadilan, timbangan anu adil
  • Bodo alewoh = Bodo bari daek tatanya
  • Bodo katotoloyoh = Bodo bari tara daek tatanya
  • Bogoh nogencang = Bogoh sosoranganan
  • Bonteng ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gede.
  • Borangan ku surak = Eraan dina gempungan jelema rea
  • Bosongot bade amprotan = Dipikaginir, pasemon jagoan
  • Bru d i juru bro di panti, ngalayah de tengah imah = Jelema benghar
  • Buburuh nyatu di upah beas = Meunang dua rupa kauntungan
  • Buburuh nyatu diupah beas : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  • Budak bau jaringao = Budak can aya kanyaho
  • Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
  • Bulu teneuh = Tukang tani, patani
  • Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
  • Buncir leuit loba duit = Taya kakurang
  • Bungbulang tunda : Tunda talatah.Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
  • Buntu laku = Teu bisa neruskeun pagawean
  • Buntut kasiran : Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
  • Buntut kasiran = Koret
  • Bur beureum bur hideung , hurung nangtung siang leumpang = Hirup taya kakurangan salilana ginding
  • Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakean anu aralus dipake.
  • Buruk buruk papan jati : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
  • Buta terong = Jelema nu sagala beuki
  • Biwir nyiru rombengeun = Resep nyaritakeun cecek bocek anu saenyana kudu di rasiahkeun
  • Bobo sapanon carang sapakan = Teu puguh undak usukna, teu puguh entep seureuhna
  • Bobor karahayuan = Katarajang apes atawa cilaka
  • Bobot pangayon timbang taraju = Pangadilan, timbangan anu adil
  • Bodo alewoh = Bodo bari daek tatanya
  • Bodo katotoloyoh = Bodo bari tara daek tatanya
  • Bogoh nogencang = Bogoh sosoranganan
  • Borangan ku surak = Eraan dina gempungan jelema rea
  • Bosongot bade amprotan = Dipikaginir, pasemon jagoan
  • Bru d i juru bro di panti, ngalayah de tengah imah = Jelema benghar
  • Buburuh nyatu di upah beas = Meunang dua rupa kauntungan
  • Budak bau jaringao = Budak can aya kanyaho
  • Bulu teneuh = Tukang tani, patani
  • Buncir leuit loba duit = Taya kakurang
  • Buntu laku = Teu bisa neruskeun pagawean
  • Buntut kasiran = Koret
  • Bur beureum bur hideung , hurung nangtung siang leumpang = Hirup taya kakurangan salilana ginding
  • Buta terong = Jelema nu sagala beuki

C
  • Caang bulan dadamaran : Migawe nu kurang mangfaat.
  • Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = Rido pisan
  • Caang padang narawangan = Caang pikiran
  • Cacag nangkaeun : Hanteu beres , hanteu rata.
  • Cacag nangkaeun = Henteu beres atawa teu alus lantaran mindeng katunda, terus dihanca deui
  • Cacarakan = kakara diajar, tacan bisa bener
  • Cadu mungkuk haram dempak = Sumpah yen bener – bener moal milampah deuiatawa migawe hiji perkara
  • Cangkir emas eusi delan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
  • Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
  • Cara gaang katincak : Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  • Cara jogjog mondok : Carekcok bae, mani gandeng naker.
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  • Caringcing pageuh kancing , saringset pageuh iket = Taki – taki ngajaga kaamanan, bisi aya banca pakewuh
  • Cecendet mande kiara : Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
  • Ceplak pahang = Satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngeunah batur oge
  • Ceuli lentaheun : Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
  • Ceuli lentaheun = Sadenge dengena, sanajan lain dengekeuneunana
  • Cicing dina sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
  • Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila laila jadi bisa.
  • Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.
  • Cilaka dua belas = Cilaka pohara
  • Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
  • Ciri sabumi cara sadesa : Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
  • Clik putih clak herang : Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  • Clik putih, clak herang = Rido, iklas
  • Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna : Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
  • Cruk – crek = Gunta – ganti pamajikan
  • Cucuk panon = Teu adil dina barang bere
  • Cucuk rungkang = Perkara leutik atawa teu pira tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana perkara nu gede
  • Cukup belengur = Kakurangan rejeki lantaran loba teuing anu dibikeun ka batur

D
  • Daek macok embung dipacok : Daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
  • Dagang oncom rancatan emas : Ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
  • Dagang pindang ka Cirebon = Dagang barang ka tempat anu nyieun barang
  • Dah bawang dah kapas : Tah barangna tah duitna.
  • Dahar kawas meri = Uprat apret jeung ngaremeh
  • Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  • Datang katingali tarang, undur katingali punduk = Datang kanyahoan, indit oge kanyahoan
  • Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  • Deukeut deukeut anak taleus : Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti bareto, yen eta the baraya.
  • Deukeut deukeut anak taleus : Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
  • Deukeut -deukeut anak taleus = Salitu padeukeut tapi teu nyaho eta baraya, atawa teu nyaho aya kajadian penting diantara maranehna
  • Deukeut deuleu pondok lengkah = Kurang pamandangan jeung teu pati bebas dina indit – inditan
  • Deungeun haseum = Teu baraya saeutik – eutik acan
  • Dibejer beaskeun = Dieceskeun, ditetelakeun, dijentrekeun nepika bubuk leutikna
  • Dibeuweung diutahkeun = Dipikir dibulak balik
  • Didagoan ku seeng nyengsreng = Didagoan ku pangabutuh sapopoe
  • Dihin pinasti anyar pinanggih = Sagala rupa anu dialaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku nu Maha Kawasa
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih : ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  • Dihin punasti anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
  • Dihurunsuluhkeun = Disamarutkeun jeung nu goga dosa
  • Dijieun lalab rumbah = Dimomorekeun, teu diajenan
  • Dikeprak reumis = Purah diutuh etah ngajalankeun pagawean anu lain lumayan
  • Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  • Dipake cocok conggang = Dimomorekein pisan
  • Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur , tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Dipisudi mere budi = Dipikarep tapi malah ngabaeudan
  • Dipukul wakul buaya mangap = Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna
  • Disakompet daunkeun, dihurun suluh : Dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
  • Disakompetdaunkeun = Dihurunsuluhkeun
  • Disisit dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang = Dihukum beurat pisan
  • Disuhun dina embun embunan = Ditarimakeun pisan
  • Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
  • Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup : Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
  • Dogdog pangrewong : Bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
  • Dogdog pangrewong = Milu nyarita minangka panambih
  • Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
  • Dosa salaput hulu : Kacida loba dosana.
  • Dosa salaput hulu = Loba dosa
  • Dug hulu pet nyawa = Digawe beurat meh taya eureuna
  • Dug tinetek = Dug hulu pet nyawa
  • Duit pait = Duit anu teu meunang dipake pikeun kapentingan pribadi
  • Duit panas = Duit pait
  • Duum tinggi : Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik.
  • Kacida loba dosana : Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki.

E
  • Eleh deet = Sanajan teu sapuk jeung hate, kapaksa nyaluyuan lantaran karunya
  • Elmu ajug : Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
  • Elmu ajug = Elmu anu teu dipake kusorangan, ngan saukur dipake napatahan batur
  • Elmu sapi : Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
  • Elmu sapi = Guyub kana hal anu kurang hade
  • Elmu tumbila : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  • Elok bangkong : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
  • Embung kakalangkangan = Embung kaelehkeun ku nu sejen
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
  • Endog tara megar kabeh : Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Era parada = Era ku lampah batur atawa omonganana nu matak aeb
G
  • Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan
  • Galak timburu = Babari timburuan
  • Galegeh gado = Someah, darehdeh
  • Galehgeh gado : Darehdeh tapi henteu terus kana hate : .
  • Gancang pincang : Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
  • Gancang pincang = pagaweanana gancang, tapi hasilna teu hade
  • Gantung denge : Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
  • Gantung denge = Ngarasa hanjakal hayang keneh ngadengekeun anggeus manten
  • Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  • Gantung teureuyeun = Ngarasa hanjakal barang dahar hayang keneh tapi kudu eureun
  • Garo – garo teu ateul = Gagaro tukangeun ceuli lantaran bingung atawa keuheul
  • Garo singsat = Gagaro bari nyingsat lantaran teu sabar atawa anbek
  • Gede gede kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
  • Gede gunung pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
  • Gede gunung pananggeuhan : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
  • Gede gunung pananggeuhan = Boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dinya anu dipake andelan pibisaeun nulingandina perlu
  • Gemah ripah loh jinawi = Gegek cacah jiwana sarta raharja
  • Gentel keak = Meh tara lesot, mun dilesotkeun sok ceurik ( biasana budak )
  • Getas harupateun = Babari ambek
  • Getas harupateun, pinggeus harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  • Geu nyanghulu ngaler = Geus maot
  • Geugeut manjahan = Neneh bonteng, ngsn henteu nepika neunggeul
  • Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
  • Geus apal luar jerona = Ges apal kana kalakuan jeung tabeat jalma
  • Geus cueut kahareup = Geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
  • Gindi pikir belang bayah : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
  • Gindi pikir belang bayah : Goreng hate, dolim, julig , dengki.
  • Gindi pikir belang bayah = Goreng hate
  • Ginding kakampis : Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
  • Ginding kakampis : Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga.
  • Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  • Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  • Goong saba karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
  • Goreng peujit = Goreng hate
  • Goreng sisit = Gorwng milik
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi = Taya wates wangena
  • Gurat batu : Pageuh kana jangji.
  • Gurat batu = Kukuh, teguh tangtungan
  • Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

H
  • Hade gogog hade tagog : Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
  • Hade gogog hade tagog = Hade basa, budiparangi, nyaho tata titi
  • Hade ku omong goreng ku omong : Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe : Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
  • Hambur bacot murah congcot : Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
  • Hampang birit : Gampang jeung adekan dititah.
  • Hampang birit = Daekan ( dititah )
  • Hampang leungeun = Gampang jeung resepteu teunggeul
  • Hanbur bacot murh congcot = Babari nyarekan tapi berehan
  • Handap asor = Hormat kabatur
  • Handap lanyap : Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  • Handap lanyap = hormat tapi matak nyentug kana hate
  • Hanteu gedag bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  • Hapa – hapa oge ranggeuyan = Miskin – miskin oge boga salaki
  • Hapa hapa ge ranggeuyan : Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan : Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  • Hapa heman = Taya panarima, taya pamales budi ka nugeus nyieun kahadean
  • Hapa hui = teu jamuga
  • Harelung jangkung = Kacida jangkungna
  • Harewos bojong : Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
  • Harewos bojong = Ngaharewos tapi omonganana kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan
  • Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
  • Haripeut ku teuteureuyeun = Gampang kagoda ku dibibita bakal meunang untung, kajeun ku jalan anu teu halal
  • Harus omong batan goong : Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
  • Harus omong batan goong = Beja anu ngandung pitnah gancang pisan sumebarna bari sok ditambahan
  • Hawara biwir = Resep ngabeja beja perkara anu can tangtu dilaksanakeun, atawa hal anu lila keneh dilaksanakeinana
  • Hayang untung jadi buntung: Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  • Hayang untung kalah buntung = Hayang untung kalah rugi
  • Hejo cokor badag sambel = Dusun pisan
  • Hejo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
  • Hejo tihang = Teu ceehan, resep pipindahan
  • Henteu cai herang – herang acan = Teu disuguhan
  • Henteu jingjing hentei bawa = Teu mawa oleh – oleh keur nu dijugjug
  • Henteu unggut kelindungen, henteu gedag kaanginan = Pageuh nyekel pamadegan sorangan, henteu kapangaruhan ku nu sejen
  • Herang caina beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  • Herang caina beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  • Herang caina beunang laukna = Hasil anu dimaksud ku jalan badami teu kusacara paksa
  • Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina
  • Hese cape teu kapake = Pagawean anu hasilna teu katarima atawa mubadir
  • Heueuh heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
  • Heuras genggerong = Teu bisa ngagenahkeun hate batur ku omongan
  • Heureut pakeun = Teu rea kaboga
  • Heurin ku letah : Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan
  • Heurin ku letah : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna.
  • Heurin ku letah = teu bisa ngomong lantaran loba kasieun
  • Hirup dinuhun paeh dirampes : Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
  • Hirup dinuhun paeh dirampes = Pasrah sumerak kana kersa nu Maha Kawasa
  • Hirup katungkul ku pati = Hirup ditungtungan ku maot
  • Hirup ku ibun gede ku poe = Hirup kalantar lantaran euweuh nu ngurus
  • Hirup ku panyukup gede ku pamere : Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  • Hirup nuhun paeh dirampes : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  • Hirup teu neut, paeh teu hos = Terus – terusan gering ripuh, tapi teu maot
  • Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja : Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  • Huap hiji diduakeun = Hgirit keur sapopoe kulantaran aya nu dibelaan
  • Hujan cipanon = Loba ceurik
  • Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
  • Hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  • Hurung nagtung siang leumpang : Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug resep ngaginding.
  • Hurung nangtung siang leumpang : Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
  • Hurung nangtung siang leumpang = Beunghar
  • Hutang hatong = nyapirakeun kana hutang
  • Hutang salaput hulu = Loba hutang
  • Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri = Amal perbuatan sok aya wawalesna

I
  • Ieu aing = Angkuh, sombong, adigung
  • Ilang along margahina = Kakurangan
  • Ilang lebih tanpa karana = Leungit teu puguh sababna
  • Indit sirib = Indit sarerea saeusi imah
  • Indung suku ge moal dibejaan = Pageuh nyekel rasiah
  • Indung tunggul rahayu, bapa catang darajat = Kasalameten jeung kabagjaan nu jadi anak, gumantung kana karidoan indung bapa
  • Inggis batan maut hinis = Kacida paurna
  • Inggis ku bisi rempan ku sugan = Sieun aya kajadian anu teu disangka – sangka
  • Ipis biwir = Babari ceurik
  • Ipis wiwirang = Kurang kaera

J
  • Jadi cikal bugang = Pangheulana kasambut dipangperangan
  • Jadi dogdog pangrewong = Teu boga tugas penting, sakadar bantu – bantu
  • Jadi kulit jadi daging = Jadi kabiasaan nu hese dipiceuna
  • Jadi sabiwir hiji = Jadi omong atawa carita sarerea
  • Jajar pasar = Sedeng tegepna, teu pati geulis teupati kasep tapi teu kaasup goreng patut
  • Jalma masagi = Jelema boga, rea kabisa, turunan hade
  • Jama bedil sundut = Jaman baheula
  • Jauh – jauh panjang gagang = Jauh – jauh dijugjug, tapi teu hasil anu dimaksud
  • Jauh ka bedug = Dusun, kampungan
  • Jauh tanah ka langit = Jauh bedana
  • Jelema bangkarak = Jelema nu taya gunana pikeun hirup kumbuh
  • Jiga tunggul kahuru = Goreng patut
  • Jongjon bontos =Junun kana gawe, tara bengbatan
  • Jual dedet = Ngajual barang satengah maksa

K
  • Kabawa ku sakaba -laba = Kabawakeun teu puguh lampah ku batur
  • Kabedil langit = Kalinglap
  • Kacanir bangban = Kawiwirangan
  • Kacekel bagal buntutna = Katewak luluguna
  • Kaceluk ka awun – awun = Kasohor kamana – mana
  • Kaeaw tunggul kahuru = Goreng patut
  • Kagok asong = Kapalang geus nyanggupan
  • Kahieuman bangkong = Siga beunghar lantaran katitipanbanda batur
  • Kajejek ku hakan = hasil usaha beak dipake dahar wungkul
  • Kakeueum ku cai toge = Eleh pisan ku pamajikan
  • Kalapa bijil ti cungap = Muka rasiah sorangan kalawan dihaja
  • Kaliung kasiput = Kalingkung ku baraya anu beunghar
  • Kandel kulit beungeut = Teu boga kaera
  • Kapiheulaan galuluh taneuh = Hudang kabeurangan
  • Kapipit galih, kadudut kalbu = Kapincut
  • Kapiring leutik = Kaisinan
  • Kasuhun kalingga murda = Katarima pisan lahir batin
  • Katempuhan buntut maung = Katempuhan kasusah atawa urusan batur
  • Katerka ku kira -kira = Kasangka boga dosa
  • Katindih ku kari – kari = Kasangka boga dosa
  • Katurug katutuh = Keur susah katambahan deui susah
  • Kawas aeud = Nya goreng budi nya bangor
  • Kawas bayah kuda = kacida belelna
  • Kawas beubeulahan terong = Sarupa pisan
  • Kawas beusi atah beuleum = Geuneuk ( beungeut ) jalma anu kacida ambekna
  • Kawas bodor reog = Jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun
  • Kawas bueuk meunang mabuk = Ngeluk tungkul teu wani ngomong kulantaran rumasa boga dosa
  • Kawas bujur aseupan = Teu daek cicing
  • Kawas carangka runtah = Jalma anu sagala beuki jeung gembul
  • Kawas careuh bulan = Kandel ku bedak
  • Kawas ciduh jeung reuhak = Sarua gorengna
  • Kawas congcorang murus = Jelema anu jangkung tapi kacida begangna
  • Kawas cucurut kaibunan = Goreng patut jeung pikarunyaeun
  • Kawas dodol bulikan = Kulit hideung dibedakan teu rata
  • Kawas durukan huut = Pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gede
  • Kawas gaang katuncak = Ngadadak jempe
  • Kawas gteuw = Teu bisa liar
  • Kawas gula jeung peueut = Kacida layeutna
  • Kawas hayam lamba = Euweuh kawani
  • Kawas hayam panyambungan = Talamba tolombo dina riungan lantaran euweuh anu wawuh
  • Kawas heulang pateuh jangjang = Meh teu walakaya kulantaran euweuh nu bisa diandelkeun
  • Kawas hileud peuteuy = Jelema anu ngahalang halang karesep batur
  • Kawas himi- himi = Meh salilana babarengan duaan, tara daek papisah
  • Kawas lauk asup kana bubu = Hese kaluar tina hiji lingkungan lantaran katalian ku jangji atawa aturan
  • Kawas ledok bakal = Goreng patut pisan
  • Kawas leungeun nu palid = Ngopepang
  • Kawas nu dipukul bayu = Taya tangan pangawasa, leuleus pisan
  • Kawas nu keked = Teu bisa barangbawa
  • Kawas panyeupahan lalay = Kacida belelna
  • Kawas siraru jadi = Riab kamana -mana
  • Kawas tatah = Teu hideung sorangan
  • Kawas ucing kumareumbi = Sagala dicabak, sagala dicekel
  • Kembang buruan = Keur meujeuhna lucu
  • Kembang carita = Bahan carita nu narik perhatian dina riungan
  • Keuna ku owah gingsir = Keuna ku robah
  • Keuna kulara teu keuna ku pati = Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal nepika maot
  • Keur bentang surem = Keur apes
  • Keur meujeuhna bilatung dulang = Barudak anu keur meujeuhna parabaneun
  • Keuyeup apu = Jalma nau elehan euweuh kawani
  • Kokod monongeun = Teu daek asak lantaran loba dicabakan
  • Kokoro nyenang = Nembongkeun pangaboga anu teu sabaraha lantaran hayang kapuji
  • Kokoro nyoso malarat rosa = Kacida miskina
  • Kolot dapuran = Kolot nurutkeun pancakaki
  • Kolot kolotok = Kolot tapi euweuh kanyaho
  • Kolot pawongan = Ngora – ngora siga geus kolot
  • Koreh – koreh cok = Usaha jalma leutik, hasilna ngan ukur saharitaeun
  • Kudu bisa ngeureut pakeun = Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki
  • Kujang dua pangadekan = Usaha anu ngadatangkeun dua kauntungan
  • Kukuh ciburuy = Teu beunang diongget – ongget
  • Kumaha ceuk nu dibendo = Kumaha ceuk pangagung bae
  • Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = Kumaha engke
  • Kumaha ramena pasar = Kumaha guyubna batur jenuk sarerea
  • Kumis bangbara ngaliang = Kumis anu nyeseg dina liang arung
  • Kunaha bile hideungna = Kunaha engke buktina
  • Kurang jeujeuhan = Kurang ati – ati
  • Kuru aking ngajangjawing = Kacida begangna
  • Kuru cileuh kentel peujit = Ngurangan sare, ngurangan dahar lantaran aya nudimaksud
  • Kuru kurulang kuriling = Lara sangsara kadungsang – dungsang
  • Kurung batok = Tara daekl lunta tilembur, jadi euweuh kanyaho

L
  • Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : Arek cilaka mah ku kasalahan anu Leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
  • Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  • Landung kandungan laer aisan : Gede timbanganana, gede pangampurana.
  • Langsung saur bahe carek : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
  • Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng katenjona.
  • Legok tapak genteng kadek : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  • Legok tapak genteng kadek : Loba luangna, loba pangalamanana.
  • Leubeut buah hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  • Leuleus Jeujeur liat tali : Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil.
  • Leuleus jeujeur liat tali : Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
  • Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  • Leuteik ringkang gede bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
  • Leutik burih : Euweuh kawani.
  • Leutik cahak, gede cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
  • Leutik leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
  • Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet : Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
  • Lieuk euweuh ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  • Loba teuing jaksa : Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
  • Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
  • Luhur kuta gede dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
  • Luncat mulang : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
  • Lungguh tutut : Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

M
  • Mabok pangkat = Adigung asa aing jeneng
  • Macan biungan == Jelema anu teu akur jeung batur salembur
  • Malangkeun panyiraman = Mikahayang nu lain – lain cenah dipikahayang ku indungna waktu keur nyiram ku manehna
  • Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  • Maliding sanak : Hanteu adil, pilih kasih.
  • Maliding sanak = Pilih kasih
  • Malik mepeh = Gulang guling nahan kanyeri
  • Malik rabi pindah ngawula = Nganteurkeun dahareun ka menak, atawa dunungan atawa atasan nu anyar
  • Maling boga batur : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
  • Manan Leweh mending waleh : Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
  • Manan leweh mending waleh = Tinimang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna
  • Manasina sambel jahe, top – top tewewet = Moal ujug – ujug karasa hasilna atawa gunana
  • Mangpengkeun kuya ka leuwi : mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
  • Mani hayang utah iga = Ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu oukaujudeun
  • Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja = Sing bener ari keur hirup, supaya ulah diomongkeun ari geus maot
  • Mapay ka puhu leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
  • Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  • Marebutkeun paisan kosong = Marebutkeun perkara anu taya gunana atawa euweuh mangpaatna
  • Mata dijual ka peda = Dilarapkeun ka nu malaweung
  • Maut nyere ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  • Mengpeun carang = Api – api teu nyaho
  • Mere langgir kalieun : Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  • Meu[eus keuyang = Ngabudalkeun amarah atawa kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa
  • Meubeut meulut = Nyarekan bari mamawa kasalahan jalma sejen
  • Meunang kopi pait = Dicarekan atawa digelendeng
  • Meungpeun peureum ku ayakan : Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  • Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  • Midua pikir = Teu satia dina urusan cinta
  • Milih – milih rabi mindah = mindah rasa = Ganti pamajika sugan leuwuh ngarepok
  • Mindingan beungeut ku saweuy : Ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
  • Mindingan beungeut ku saweuy = Nyimbutan rasiah sorangan anu geus jadi rasiah umum
  • Mipit teu amit ngala teu menta : Maling boga batur.
  • Mipit teu amit ngala teu menta = Maling
  • Misah badan misah nyawa = Teu sarua boh lahir boh batin
  • Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
  • Miyuni hayam kamayung = Teu payaan
  • Miyuni hayan kabiri, kumeok memeh dipacok = Euweuh kawani, can ge acan geus jejerih
  • Miyuni umang = Euweuh kadaek, teu hayang uhtiar neangan pakaya
  • Moal ceurik menta eusi : Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
  • Moal ditarajean = Teu sieun
  • Moal jauh laukna = Moal hese piuntungeunana
  • Moal mundur satunjang beas = Moal ngejat sanajan salengkah
  • Moal neangan jurig teu kadeuleu : Arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
  • Moal neangan jurig teu kadeuleu = Moal nyangka ka saha deui lantaran geus boga bukti
  • Moal nyapek mun teu ngoprek = Moal boga rijki lamun teu usaha
  • Mobok manggih gorowong : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  • Mobok manggih gorowong = Kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun karepna
  • Modal dengkul = Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul
  • Monyet kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  • Mopo memeh munggang : Hoream, teu sanggup samemeh prak.
  • Mucuk eurih = Lalencop ibarat pucuk euri ( ramo awewe )
  • Mun teu ngakal moal ngakeul : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  • Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  • Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
  • Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  • Murag bulu bitis = Hayang udar ider bae, teu betah cicing di imah
  • Muriang ku kawayaan = Upama keur kabungbulengan teu kuat nyangga lara ati
  • Musuh atawa satru kabuyutan = Musuh ti baheula nepika ayeuna, musuh turunan
  • Neukteuk curuk dina pingping : Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  • Ngagulkeun luluhur sorangan : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.

N
  • Naheun bubu pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
  • Naheun bubu pahareup hareup = Ngahutang – hutang nepika kagok nagih
  • Najan dibawa kana liang cocopet = Daek najan dibawa ka mana bae oge
  • Nanggung bugang = Ditinggal maot ku lanceuk jeung ku adi
  • Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  • Nangtung kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  • Nepak cai malar ceret : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
  • Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  • Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  • Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  • Nepika nyanghulu ngaler = Nepika maot
  • Nepika pakotrek iteuk = Nepika kolot
  • Nepung – nepung bangkelung = Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan
  • Nete akar neumbing jangkar = Seseleket, nyorang jalan nu rumpil
  • Nete porot ngeumbing lesot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
  • Nete porot ngeumbing lesot = Sagala usaha teu hasil
  • Nete semplek nincak semplak : Kieu salah kitu salah.
  • Nete semplek nincak semplak : Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
  • Nete taraje, nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  • Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain – lainna deui = Teu hayang dibalik deui
  • Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  • Neundeun piheuleut nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  • Ngabejaan bulu tuur = Ngabejaan nu geus nyaho
  • Ngabudi ucing : Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
  • Ngabudi ucing = Kawas nu teu karep, api – api teu hayang padahal ngadagoan batur bogoh
  • Ngabuntut bangkong = Teu bisa nganggeuskeun pagawean
  • Ngaburuy = Nyaneut teu make lawuhna
  • Ngacak ngebur = Kokomoan, mangpang – meungpeung
  • Ngadago – dago dawuh = Tereh maot
  • Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)
  • Ngadagoan kuda tandukan = Mikarep perkara anu mustahil
  • Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
  • Ngadaun ngora = Nembongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman jaman mundur
  • Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  • Ngadek sacekn, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  • Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  • Ngadeupaan lincar = Ngadeukeutan hayang diaku
  • Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa’atna di hareupeun jalma loba.
  • Ngadu angklung = Parerea omong anu taya gunana
  • Ngadu ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si A ka si B jeung sbalikna, temahna si A jeung si B pasea, parerea omong.
  • Ngagandong kejo susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
  • Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
  • Ngagulkeun payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
  • Ngahurun balung ku tulang = Nangkeup tuur nandakeun keur bingung atawa susah
  • Ngajeler paeh = Halis anu ngajepat alus, sapeti jeler paeh
  • Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega = Ngajerit tarik pisan
  • Ngajul bulan ku asiwung, Mesek kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
  • Ngalap hate = Ngangeunahkeun hate batur supaya dipikanyaah atawa resepeun
  • Ngalenghoy lir macan teu nangan = Leumpang alon tapi alus katenjona
  • Ngaletak ciduh = Narik omongan nu geus di kedalkeun
  • Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat – ngembat nyatang
  • Ngaliarkeun taeus ateul : Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka sarerea.
  • Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
  • Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
  • Ngalintuhan maung kuru = Neangan pibahayaeun
  • Ngan ukur saoleseun = Ngan saukur saulineun
  • Ngandung hate = Ngunek – ngunek, boga hate goreng, hayang males Kanyeuri
  • Ngarah ngarinah = Nipu, ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo
  • Ngarah sahuapeun sakopeun = Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharatiaaeun
  • Ngaraja dewek = Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan
  • Ngarangkai koja = Mimiti hade, lila – lila jadi goreng
  • Ngarep ngarep bentang ragrag : Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  • Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
  • Ngareuntaskeun dungus = Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot
  • Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  • Ngegel curuk = Teu hasil maksud
  • Ngembang awi = Ngeumbreuk, teu laku
  • Ngembang bako = Bosongot
  • Ngembang boled = Tetela
  • Ngembang cau = Jantungeun
  • Ngembang cengek = Geulis, nenggang ti nu sejen
  • Ngembang genjer = Gelenye
  • Ngembang jajat = Jalinger
  • Ngembang jambu = Lumenyap
  • Ngembang kadu = Olohok
  • Ngembang kaso = Cilimit
  • Ngembang lopang = Nyacas
  • Ngembang waluh = Alewoh
  • Ngenbang laja = Jamotrot
  • Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  • Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding = ahirup senang lantaran cukup pake, jeung nyandingkeun pamajikan anu satia
  • Ngeuneh eon teu ngeunah ehe = teu adil atawa pinter kodek
  • Ngeupeul ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
  • Ngijing sila bengkok sembah = Teu satia ka dunungan
  • Nginjing sila, bengkok sembah : Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
  • Ngodok liang buntu : Hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
  • Ngodok liang buntu = Geus cape, tapi teu hasil lantaran aya nu ngahalangan
  • Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
  • Ngomong sabedug sakali = Arang ngomong
  • Ngotok ngowo = Cicing lila di imah batur
  • Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  • Ngukur ka kujur, nimbang ka awak = Ngukur kamampuan diri
  • Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  • Ngusap birit = aninggalkeun pasamoan bari teu pamit heula
  • Ngusap birit, bari indit : Kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
  • Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
  • Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  • Ninggalkeun hayam dudutaneun = Ninggalkeun pagawean nu can anggeus
  • Ninggang kekecrak : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
  • Nini – nini leungit sapeuting, Tai maung huisan = Kari – kari
  • Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
  • Noong ka kolong : Leutik hate, leutik pangharepan.
  • Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
  • Nu borok dirorojok , Nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = Nu keur susah di pupuas, ditambahan kasusahna
  • Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
  • Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan = Nanggap carita gedebul rahul
  • Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
  • Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  • Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  • Nulungan anjing kadempet : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  • Nungtik lari mapai lacak = Neangan katerangan tapak lasak baheula
  • Nurub cupu = Ninggang papasangan nu kasep jeung nu geulis
  • Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
  • Nya di hurang, nya di keuyeup = Parasaanmah teu di rahayat teu di rahayat teu di pajabat, sarua bae
  • Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
  • Nya picung nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  • Nyaah dulang = Nyaah ka anak nganmerhatikeun dahar pakena bae, tapi teu malire atikanana
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  • Nyaho lautanana = Nyaho karesep jeung ka teu resepna
  • Nyair hurang meunang kancra : Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
  • Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  • Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hese jeung cape.
  • Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
  • Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang : Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  • Nyanghulu kajarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  • nyatang pinang = Ngaleut panjang pisan
  • Nyekel sabuk milang tatu = Perang tanding, ngadu jajaten
  • Nyeri beuheung sosonggeteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
  • Nyeungeut damar di suhunan : Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung koret deuih.
  • Nyeungeut damar di suhunan : Mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
  • Nyeuri beuheung sosonggeteun = Kesel ngadagoan nu rek datang
  • Nyiar batuk piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
  • Nyiar batuk pibaraheun = Neangan picilakaeun
  • Nyicikeun cai, murulukeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  • Nyieun catur taya dapur : Nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
  • Nyieun catur taya dapur = Ngarang carita teu puguh galurna
  • Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur pahare hare bae.
  • Nyieun pucuk ti girang : Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran.
  • Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana neangan piaseaeun.
  • Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  • Nyiuk cai ku ayakan : Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  • Nyium bari ngegel : 1.Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2.salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
  • Nyokot lesot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  • Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana.
  • Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  • Nyolong bade = Ulat bageur padahal jahat
  • Nyuhun nanggung ngelek ngegel : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  • Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  • Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

O
  • Omong harus batan goong : Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
  • Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

P
  • Paanteur anteur julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  • Pacikrak ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
  • Pada rubak sisi samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  • Padu teu buruk digantung = Perkara moal ruksak ku ditunda
  • Paeh pikir = Teu boga karep
  • Paeh poso = Meakkeun kadaek, tisusut tidungdung
  • Pagede – hede urat rengge = Patarik – tarik nyoara, nu beluk atawa nu pasea
  • Pagirang girang tampian : Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.
  • Pagirang girang tampian : Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan.
  • Paheuyeuk heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
  • Pait daging pahang tulang : Cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
  • Pait daging pahang tulang : Carang gering.
  • Pait daging pahang tulang = Mulus awak, langka katerap ku panyakit kulit
  • Pait paria = Pait ge ngeunah
  • Pakait pikir = Jangji rek ngagij
  • Pakotrek iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  • Paluhur luhur diuk : Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
  • Panas leungeun = Teu kajadian pepelakan
  • Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  • Pangeprak remis = Purah diutuh etah
  • Panjang lengkah = Jauh panyabaan
  • Panjang leungeun = Sok pulang – paling, resep ceceremed
  • Panon keongeun = Panon caian bae
  • Panonna kandar ka sisi = Panonna resep ngareretan bae anu kasep (awewe lengger )
  • Papadon los ka kolong : Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
  • Papadon los ka kolong = Pasini geus asak pisan tuluyna bolay
  • Parada tamba kadengda = Tamba henteu teuing
  • Pareumeun obor = Teu nyaho baraya
  • Pariuk manggih kekeb = Nyetel
  • Pasrah arit = Pasrah luarna wungkul, henteu terus jeung hate
  • Patpat gulipat = Kalakuan licik teu jujur
  • Pelengkung bekas nyalahan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  • Perlu kasambut sunat kalampah = Ngalakukeun anu wajib bari sakalian jeung nu henteu dikudukeun
  • Peureum kadeuleu beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
  • Pida cai pindah tampian : Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
  • Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir : Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  • Pinter aling laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
  • Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak : Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
  • Pipilih meunang nu leuwih koteplak meunang nu pecak : Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
  • Piruruhan katengahimahkeun : Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
  • Pondok nyogok panjang nyugak = Garihal teu matak resep ngadengekeunana
  • Potol teko = Potol pisan
  • Puasa manggih lebaran : Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede.
  • Puasa manggih lebaran = Makmak – mekmek
  • Pucuk awian, lir awi sumear di pasir = Teu boga pamadengan sorangan
  • Punduk moal ngalihuran hulu = Sakumaha pinterna murid moal leuwih pinter ti guruna
  • Pundung eon = Pundung jijieunan, ngarah pada ngupahan
  • Pupulur memeh mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
  • Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  • Pur manuk = Digawe bari teu disuguhan, ngan diburuhan duit wungkul
  • Puraga tamba kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

R
  • Ragaji beusi = Jalma nu bisa pisan nipu ku jalan ngolo – ngolo
  • Rambay alaeun reumbeuy beuweungeun = Subur makmur loba dahareun hasil tani
  • Ranggaek memeh tandukan = Beunghar memeh boga
  • Raweuy beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
  • Rea jangjang karawatna = Rea patula – patalina jeung perkara sejen
  • Rea ketan rea keton = Rea dahareun jeung loba dahareun
  • Rejeki kaseser ku hakan = Rejeki beak dipake barang dahar
  • Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah = Rek dimaha – kumaha oge pasrah
  • Rek dijieun jimat parepeh = Awewe ku lalaki anu kacida bogohna, upama daekeun dikawin
  • Rokrok pondokeun = Babari ambek
  • Rubuh – rubuh gedang = Migawe hiji perkara anu ten nyaho maksud jeung tujuanana, ngan saukur nurutan batur
  • Rumbak caringin di buruan : Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
  • Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
  • Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  • Rusuh luput gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

S
  • Saampar samak = Sagebleg ( lahan ) jeung kayaanana meh sarua
  • Sabata sarimbangan = Sauyunan, layeut
  • Sabelas dua belas = Sarua gorengna atawa teu eucreugna
  • Sabobot sapihanean : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  • Sabuni buni anu ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu knyahoan bae.
  • Sacangreud pageuh sagolek pangkek = Sagala omonganana ditedunan tara jalir jangji
  • Sagalak galakna macan taru nyatu anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
  • Sagolek pangkek sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
  • Saherang – herang cibeas = Jalma nu geus meunang kanyeri hatena moal beresih pisan, sok sanajan di luarna hade
  • Saherang herangna cai beas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  • Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
  • Sakecap kadua gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
  • Sakecap kadua gobang = Babari ngambek jeung babari ngadek
  • Sakeser daun = babari lapar
  • Sakririciking duit sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
  • Sakuru – kuru lembu, saregeng – regengna banteng = Sateubogana jalma jeneng atawa pangkat luhur, atawa urut jalma beunghar
  • Salah kaprah = Salah tapi geus umum
  • Salieuk beh = Sagala nyampak
  • Salisung garduh = Sakongkol
  • Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  • Sanajan nepi ka bisa ngukir langit = Sanajan sakumaha pinterna
  • Sangsara di geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
  • Sapapait samamanis = Sauyunan
  • Sapi anut ka banteng = Awewe nuturkeun lalaki
  • Sapu nyere pegat simpay : Paturay papisahan.
  • Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
  • Sareundeuk saigel = Sauyunan
  • Satalen tilu baru = Sarua kitu – kitu keneh
  • Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  • Satengah buah leunca = Kurang ingetan , rada gelo
  • Satru kabuyutan = musuh turunan
  • Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  • Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
  • Saungkab peundeuy = Omongan ru ringkes sarta rada janggal
  • Saur manuk = Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua
  • Sengserang padung : Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
  • Sentak badakeun : Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
  • Sereg dibuana logor diliang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
  • Sereg dipanto logor diliang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  • Seukeut ambeu seukeut deuleu : Loba matamatana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
  • Seukeut tambang manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  • Seuneu hurung cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  • Seuneu hurung dipancaran : Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  • Seuseut batan neureuy keueus : Hese pisan
  • Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
  • Sieureun = Awewe anu tegep upama ditelek – telek
  • Siga bentang kabeurangan = Geulis pisan
  • Siga bungaok = Goreng patut pisan
  • Sireum ateulan = Teu sarua gedena
  • Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  • Sisit kadal = Goreng milik
  • Sosoroh ngadon kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  • Suku sambung lengkah, biwir sambung lemek = Darma mangnepikeun maksud batur
  • Sumput salindung = Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur
  • Sundul kalangit = Kacida luhurna kawas adek kana langit

T
  • Tiis leungeun = Jadian pepelakan
  • Tikoro andon peso : Ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  • Tikoro kotokeun, careham hayameun = Isuk – isuk keneh kudu geus barang dahar
  • Tinggal tulang jeung kulit = Kacida begangna
  • Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
  • Tipu keling ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  • Tisusut tidungdung = Gawe beurat bari ripuh
  • Titip diri sangsang badan : Mihapekeun maneh.
  • Titirah ngadon kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
  • Titirah ngadon kanceuh = Hayang cageur malah beuki ripuh
  • Tototpong heureut dibeber beber, tangtu soeh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  • Trong kohkol moronlkol, dur bedug murungkut = Keur nu ngedul hudang subuh
  • Tuduh acungan = Dititah nitah deui ka nu sejen
  • Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  • Tukuh ciburuy = Teu daek narima pamadegan batur anu leuwih bener
  • Tulus langkung kepang halang = Omongan atawa caritaan nu teu merenah atawa salah
  • Tumarajong tanpa larapan = Datang teu ngiberan heula
  • Tumpang sirang = Tumarimpang, Karagok bae jeung nu di cicingan
  • Tunggul diparud catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
  • Tunggul dirurud catang dirumpak = Ngalajur napsu taya nu dihiding
  • Tunggul kuras = Duit anu ngahaja disesakeun, ulah nepika kosong teuing
  • Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
  • Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  • Turunan tumenggung sundung, patih arit = Lain turunan menak sanajan jeneng

U
  • Uang semir = Panyogok supaya pamenta urang gancang dikabulkeun
  • Ukur pulang modal = Teu untung teu rugi
  • Ulah beunghar memeh boga : Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  • Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  • Ulah cara ka malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  • Ulah incah balilahan = Ulah pindah pamatuhan
  • Ulah kabawa ku sakabakaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
  • Ulah pangkat memeh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  • Ulah sok ngeok memeh dipacok = Ulah sok ngarasa hoream ku pagawean memeh dicoba
  • Ulah tiis tiis jahe : Kudu iatna, kudu cingceung.
  • Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
  • Uncal tara ridu ku tanduk : Duduluran karumpul kabel.
  • Undur katingali punduk, datang katingali tarang = Kanyahoan datang atawa inditna
  • Unggah bale watangan = Katarik perkara
  • Urang curug ngebul = Urang kampung nu jauh ti kota
  • Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah = Jelema dusun
  • Uteuk encer = Calakan, pinter
  • Uteuk tongo walangtaga = Barang – barang atawa sasatoan anu pangleutikna
  • Uyah tara tees kaluhur : Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.

W
  • Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian
  • Wawuh munding = Wawun meueusan pedah mindeng papanggih
  • Weruh sadurung winarah = Nyaho samemeh dibejaan
  • Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang : Wiwirang nau pohara gedena.
  • Wiwirang dikolong catang = Nyorang wiwirang
kempelan paribasa sunda anu sanesna tiasa didownload dina link ieu: kempelan paribasa sunda


Baca oge :

Posting Komentar untuk "Kempelan Paripaos Sunda"