Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Hartos Déskripsi, Dadaran, Atawa Candraan Basa Sunda

Hartos Déskripsi, Dadaran, Atawa Candraan Basa Sunda


Déskripsi, dadaran, atawa candraan nyaéta wacana nu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, jeung pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Dina wacana déskripsi digambarkeun obyék sayaana jeung sajénté-jéntréna bari ditataan hiji-hiji kalawan wincik.

Tujuan déskripsi pikeun motrét atawa ngalapor-keun saayana naon-naon nu dipikanyaho tanpa dikoméntaran.

Contona:

Di juru pasar, di jero, aya hiji jongko leutik nu méh rugrug. Nu tungguna saurang awéwé nu geus aya umuran, nu geus rada bauh taneuh. Nu ditungguanana nya éta tarasi geblogan, turubuk, pakis, kéré asin layur jeung samedem. Teu pati loba, ukur cukup keur nyumponan nu meuli mah. Unggal ka dinya, keur oléh-oléh ka Ciamis, kuring sok balanja ka jongko éta. Lian ti barangna kasohor ogé, hargana murah.


Baca Oge :

Posting Komentar untuk "Hartos Déskripsi, Dadaran, Atawa Candraan Basa Sunda"