Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget HTML #1

Paribasa jeung Babasan Sunda (M - G)

Paribasa jeung Babasan Sunda (M - G)


Paribasa jeung Babasan Sunda (M - G)


Di handap ieu paribasa jeung babasan sunda bagean ka-2

101. Mobok manggih gorowong.
Hartina : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.

102. Bobor karahayuan.
Hartina : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

103. Boga pikir kaping burih.
Hartina : Boga kahayang anu datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.

104. Buah ati.
Hartina : Pohara dipikanyaahna. (Ngeunaan ka jelema wungkul).

105. Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan.

106. Naheun bubu pahareup-hareup.
Hartina : Dina aya pangabutuh, silih injeuman duit.

107. Ngabudi ucing.
Hartina : Teu wani nimbongkeun atawa ngedalkeun kahayang, atawa kadeudeuh.

108. Cara bueuk meunang mabuk.
Hartina : Ngeluk baé, teu lémék, teu nyarék, euweuh hojah, euweuh karep: euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.

109. Buluan belut, jangjangan oray.
Hartina : Pamohalan kajadian.

110. Teu kaur buluan.
Hartina : Teu kaur boga pakaya.

111. Ciri sabumi, cara sadésa.
Hartina : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.

112. Bungbulang tunda.
Hartina : Tunda talatah. Lamun dititah, tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.

113. Sabuni-buni nu ngising.
Hartina : Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé, ari laku-lampah anu goréng mah awal-ahir sok kudu kanyahoan baé.

114. Ngodok liang buntu.
Hartina : Hésé capé taya gawé, susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.

115. Hayang untung jadi buntung.
Hartina : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep-arep.

116. Buntut kasiran.
Hartina : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan barangbéré.

117. Nyolok mata buncelik.
Hartina : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

118. Bur beureum, bur hideung, hurung nangtung, siang leumpang.
Hartina : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké

119. Buburuh nyatu diupah béas.
Hartina : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

120. Ngaburuy.
Hartina : Nyaneut wungkul, teu aya lalawuhna: inumeunana aya, tapi ari dahareunana mah teu aya.

121. Buruk-buruk papan jati.
Hartina : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahanana téh.

122. Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan ka­hayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

123. Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan.
Hartina: Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.

124. Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan.
Hartina : Ngalajur hawa napsu ka awéwé, ka nu halal jeung nu haram ogé disaruakeun baé.

125. Leutik burih.
Hartina : Leutik wawanén.

126. Teu busik bulu salambar.
Hartina : Teu rogrég-rogrég, malah unggul dina juritna.

127. Bonténg ngalawan kadu.
Hartina:
  • Nu leutik ngalawan nu gedé.
  • Nu handap ngalawan nu luhur.
  • Nu lembék ngalawan nu kuat..
  • Somah ngalawan ménak.
  • Tangtu éléhna. 

128. Nu borok dirorojok = Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana; nu keur nyeri ditambah kanyerianana.

129. Daék macok, embung dipacok.
Hartina : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah teu daék.

130. Dagang oncom, rancatan emas.
Hartina : Ari modalna gedé kacida, ngan bati anu diarahna pohara leutikna.

131. Dagang peda ka Cirebon.
Hartina : Henteu payu daganganana, sabab nga­jualna ka tukangna, atuh tangtu baé moal dibeuli.

132. Pait daging, pahang tulang.
Hartina : Cageur, teu keuna ku panyakit naon baé.

133. Dah bawang, dah kapas.
Hartina : Tah barangna, tah duitna.

134. Nyeungeut damar di suhunan.
Hartina :
  • Mintonkeun kakayaan.
  • Barangbéré supaya dipuji.

135. Caang bulan dadamaran.
Hartina : Migawé anu kurang mangpaat.

136. Dikompét-daunkeun = Dihurun-suluhkeun.
Hartina : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dipisah-pisah.

137. Nyieun catur taya dapur.
Hartina: Nganggit hiji dongéng anu henteu puguh galurna

138. Dédéngé tara.
Hartina : Neruskeun béja anu tacan sidik pisan.

139. Deugdeug tanjeuran.
Hartina : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi deugdeugan, jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian, upamana : pinter tembang, ngacapi jst.

140. Deukeut-deukeut anak taleus.
Hartina : Ari imahna mah puguh ogé padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti bareto yén baraya.

141. Ngadeupaan lincar.
Hartina : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku nu boga imah jeung diajak dahar.

142. Dihin pinasti, anyar pinanggih.
Hartina : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Ngeunaan: papastén jelema

143. Teu didingding kelir.
Hartina : Teu dibuni-buni, ditembrakkeun baé, teu dirusiahkeun.

144. Paluhur-luhur diuk.
Hartina : Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah

145. Jabung tumalapung, sabda tumapalang.
Hartina: Milu nyaritakeun hiji perkara, sakapeung némpasan omongan batur, nyeta-nyeta jiga nu nyaho, turtaning (padahal) teu nyaho di naon-naon.

146. Jadi maung malang.
Hartina : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.

147. Jadi senén kalémékan.
Hartina : Mindeng dicaritakeun.

148. Jadi sabiwir hiji.
Hartina : Jadi carita jelema loba.

149. Ulah tiis-tiis jahé.
Hartina : Kudu iatna.

150. Loba teuing jaksa.
Hartina : Loba teuing nu pinter, nu ngatur jeung mapatahan; balukarna matak bingung ka nu dipapatahanana.

151. Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.

152. Jaman cacing dua saduit.
Hartina : Baheula pisan.

153. Janget kina telon.
Hattina : Turunan alus atawa goréng ti indung-bapa; ngeunaan ka sasatoan.

154. Jantungeun.
Hartina : Ngahuleng baé teu lémék teu nyarék, lantaran kagét kacida.

155. Jauh ka bedug, anggang ka dayeuh.
Hartina : Dusun teu nyaho di tata-titi, tindak­tanduk, suba-sita, duduga jeung peryoga.

156. Jauh tanah ka langit.
Hartina : Pamohalan nu sarupa kitu bisa kajadian.

157. Meuli teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra.
Hartina : Kalawan teu disangka-sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.

158. Sereg di panto, logor di liang jarum.
Hartina : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra; betahna téh di nu suni, nu teu aya jelema.

159. Jati kasilih ku junti.
Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing.

160. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana.
Hartina : Unggal bangsa béda adatna jeung kabiasaanana.

161. Jéjér pasar.
Hartina : Lumrah baé. Mun ngeunaan ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu. Mun ngeunaan ka awéwé, geulis henteu goréng henteu.

162. Jégjég cékér.
Hartina : Capé ku lantaran leumpang ka ditu ka dieu baé.

163. Jelema pasagi.
Hartina : Loba kakayaanana jeung pangawéruhna.

164. Leuleus jeujeur, liat tali.
Hartina : Adil pohara.

165. Jeung léwéh mah mending waléh.
Hartina : Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang, ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

166. Nyieun pucuk ti girang.
Hartina : Pangheulana néangan pibatureun paséa atawa gujrud.

167. Nyieun poé bungsuna.
Hartina : Nyieun poé panungtungan; ka hareup mah embung wawuh atawa ngahiji deui.

168. Asa dijual payu.
Hartina : Ngungun duméh nyorangan di pa­nyabaan, jauh ti indung ti bapa.

169. Moal neangan jurig nu teu kadeuleu.
Hartina : Arék nyekel jelema anu aya baé, moal neangan jelema anu euweuh.

170. Cara jogjog mondok.
Hartina : Carékcok baé, mani gandéng naker.

171. Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Mikarep ka nu lain babad.

172. Dogdog pangréwong.
Hartina : Bantuan anu lumayan pisan, nu euweuh hartina : dina teu ayana ogé teu naon-naon.

173. Dogong-dogong tulak cau geus gedé dituar batur.
Hartina: Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku Nu Kawasa pipamajikaneun; na ari geus gedé dikawin ku batur, atuh hésé capé taya gawé.

174. Dosa salaput hulu.
Hartina : Teuing ku loba dosa.

175. Sadom araning baraja, sakunang araning geni.
Hartina:
  • Sanajan saeutik, omat ulah wani ngagasab duit Nagara.
  • Perkara anu bisa ngalantarankeun cilaka sanajan leutik.

176. Sakirincinging duit, sakocopoking iwak.
Hartina : Sanajan saeutik, omat ulah arék wani ngagasab duit Nagara.

177. Dulang tinandé.
Hartina : Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.

178. Duum tinggi.
Hartina : Ngabagikeun naon-naon henteu kalawan adil, aya nu loba, aya nu saeutik.

179. Siduru isuk.
Hartina : Nyunatan atawa kariaan, teu maké tatabeuhan.

180. Ulah muragkeun duwegan ti luhur.
Hartina : Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang kesang, pacuan arék dimonyah­-monyah.

181. Élmu ajug.
Hartina : Pinter ari mapatahan ka batur mah, tapi prak ku manéh henteu.

182. Élmu sapi.
Hartina : Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan.

183. Élmu tumbila.
Hartina : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

184. Elok bangkong.
Hartina : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé, keur ngaleupaskeun nyawa.

185. Cara embé.
Hartina : Embung mandi, sabab sieun ku cai.

186. Endog mapatahan hayam.
Hartina :
  • Nu sahandapeun mapatahan ka nu saluhureun.
  • Nu sangoraeun mapatahan ka nu sakoloteun.

187. Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh.
Hartina : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukama ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.

188. Endog tara megar kabéh.
Hartina : Najan saindung-sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

189. Kawas hayam keur endogan.
Hartina : Ciling-cingcat baé, teu bisa cicing.

190. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.
Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang

191. Nangkeup mawa eunyeuh.
Hartina : Mawa cilaka ka jelema anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.

192. Cara gaang katincak.
Hartina : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

193. Galéhgéh gado.
Hartina : Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté.

194. Gagalana.
Hartina : Jagona, kokojona.

195. Jauh jauh-panjang gagang.
Hartina : Hanas jauh-jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

196. Galak sinongnong.
Hartina : Mimiti balég, ngeunaan ka parawan (cawéné, lanjang).

197. Sagalak-galakna macan, tara nyatu anak.
Hartina : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna mah tara téga ka nu jadi anak.

198. Ngagandong kéjo, susah nyatu.
Hartina : Loba ari titaheun mah, boh anak boh bujang, ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah téh.

199. Gancang pincang.
Hartina : Ku lantaran digawéna buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna téh teu nyugemakeun.

200. Gantung déngé.
Hartina: Henteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.


Buka juga :

Posting Komentar untuk "Paribasa jeung Babasan Sunda (M - G)"